Rabu, Maret 18, 2009

Ngelmu...

Baheula, dongeng para sepuh, cenah loba kacaritakeun jalma sakti mandraguna. Aya nu bisa nempo nembus tembok, ngadenge ti balik gunung, bisa leumpang sakilat, weduk, jeung rea-rea deui.
Saha nu nyangka, ku elmu tehnologi mah dongeng baheula teh ayeuna bisa jadi kabuktian. Coba tengetan, telepisi bisa mintonkeun rupa-rupa kajadian di wewengkon nu jauh kacida. Ku telepun bisa ngobrol bari kuring teu kudu paamprok. Oge leuleumpangan jauh teu kudu cape da bisa numpak kandaraan.
Hebat lin? Kabeh oge kudu ku elmuna.
Elmu panemu lir ibarat pedang matadua, bisa jadi maslahat atawa mudarat. Gumantung kumaha manusa ngagunakeunana. Elmu mah teu salah. Lamun didasaran ku niat hate nu beresih, elmu bisa nyieun jalan keur kasalametan balarea. Tapi lamun dicekel ku jalma nu hatena geus katuruban napsu kadunyaan, sirikan, delekaan ka batur tangtu mudarat balukarna.
Elmu tungtut dunya siar. Pituah keur ngajaga kasaimbangan antara pangaweruh jeung pangaboga. Eces dina papagon agama oge wajib keur manusa pikeun nyiar elmu. Malah mah cenah sanajan nepi ka nagri Wong Fei Hung oge, ari niatna pikeun ngalap elmu mah pek we udag mun bisa. Hukumna wajib, hartina parentah nu hamo bisa ditinggalkeun.
Tapi bangsa urang mah beuki pinter dina mulak-malik carita. Ngulik bari licik. Eta elmu dijadikeun ladang bisnis. Kusabab matana geus katutupan, pikiranana geus kalimpudan, uteukna geus hejo, beuteungna pinuh bilatung, jorojoy weh naluri bisnisna kaluar. Cenah lamun sakitu kali sakitu alhasil jadina bakal jadi sakitu. Sedengkeun pan diajar teh wajib, jadi nu muru sakola moal bakal suda da pasti pada maksakeun najan balangsak oge.
Tuh tingali balukarna tina kaputusan sisdiknas. Loba rahayat rumenghap, hayang terus ngelmu nepi ka jucung tapi suwung pulus. Teu bisa menyat da geus katalian ku undang-undang BHP. Lamun hayang sakola di institut itu kudu boga duit saanu, lamun hayang di unipersitas eta kudu boga saanu cenah. Heheh katohyan, tungtungna mah duit pan? Lah, nu ngesahkeunana oge apan wakil-wakil rakyat. Ceuk beja mah cenah dewan pilihan tea.
Kuring mah bati pikiran we, rek kamana anak kuring neruskeun sakola. Rek neang timana bekel beana. Da ayeuna mah pendidikan teh geuning jadi komersil….
Mudah-mudahan we di dewan nu terhormat teh sing aya jalma-jalma soleh, nu bisa merjuangkeun nasib rahayat nu butuh pendidikan.

"Rukun Sadulur Urang lembur (Kidaus89)"

0 komentar:

Posting Komentar

POSTING TERBARU

KOMENTAR TERBARU

  © Free Blogger Templates Blogger Theme by Ourblogtemplates.com 2008

Back to TOP