Minggu, Maret 08, 2009

Syukur Nikmat...



Poe Juma'ah kamari, kuring ngabandungan khutbah lenyepaneun. Khotib ngabahas temana sederhana, teu muluk-muluk tapi ngeuna pisan kana hulu angen. Judulna Syukur Ni’mat.

Cindekna kurang leuwih kieu, geus mangpirang-pirang kanikmatan dunya di paparin Alloh swt keur manusa. Coba titenan unggalpoena sabaraha leter oksigen geus diseuseup, sabaraha galon cai geus diinum, sabaraha juta watt cahaya panonpoe dipake ku urang. Kabeh oge haratis, teu kudu mayar. Cik kalikeun saminggu, sabulan, sataun, atawa saumur hirup? Moal kaitung sanajan make rumus matematika nuklir oge. Kumaha lamun Alloh ngeureunkeun pasokan oksigen? Tinangtu loba nu perlaya.

Leuwih ti eta, Mantenna ngajadikeun bumi jeung saeusina mangrupa kaendahan nu taya cidrana. Panorama alam, gunung, laut, tangkal, daun, sasatoan, jeung rea deui. Ti mikrokosmos nepi ka makrokosmos, nu kumaha wae oge pasti alus tur ngandung nilai seni nu luhung. Pan Alloh Maha Endah. Sadaya ciptaan Alloh mah boga mangpaat, teu aya hiji oge nu mubadzir. Teu cara manusa, mun nyieun gambar pan aya wae gorengna. Teu mararatut cenah, tuluy dipiceun kana wadah runtah.

Ni’mat sejenna nyaeta kasehatan. Cik indit ka rumahsakit, tingali pasen nu pada ngagoler. Ku maha welasasihna Alloh swt, dina panyakit oge dibere pangampura dosa keur jalma nu areling. Ngan loba nu teu rumasa. Masih rea manusa lamun meunang kasakit kalah ka humandeuar, kukulutus, batan istighfar. Padahal panyakit teh mangrupa akibat, bisa jadi hasil tina lakulampah nu tara ngariksa diri tur ngajaga kasehatan awak.

Conto diluhur ngan sabagian leutikna bae. Terus lamun kitu, kunaon teu muji syukur? Kunaon masih ngarogahala leuweung, pan leuweung teh produsen oksigen? Kunaon masih ngagunasika lemah cai, beurat milampah kahadean, sirikan ka batur? Kunaon masih gehul … alias gede hulu?

Syukur teh teu cukup ukur ngucap Alhamdulillah, tapi kudu dibarungan ku lakulampah nyata keur ngajaga, ngariksa, tur nebarkeun kasalametan ka papada.

Dawuhan Alloh swt, lamun urang daek syukuran, tinangtu bakal ditambah deui ni’mat sejenna. Tapi lamun kufur ni’mat, tanwande adzab nu bakal karandapan. Naudzubillahi mindzalik.

Sindiran tur pepeling Alloh swt geus tetela dina QS Ar-Rohman. Ku kuring ditengetan hartina, terus dilenyepan bari muhasabah. Beu, geuning enya salila ieu kuring jauh tina rasa syukur. Masih mantangul, kaleked, bangkarwarah, baragajul, teu uyahan, jrrd. Hapunten ya Alloh, mugi-mugi masih dibuka lawang pangampura.

Mugi-mugi urang dipaparin kasadaran pikeun tawekal dina nyiar kamaslahatan dunya jeung bekel aherat. Bari jeung teu poho unggal wanci bisa syukuran kana sagala ni’mat nu katarima nu taya wates wangenna.


Ti: Urang Lembur (Ki Daus'89)

1 komentar:

Mas Saenan 9 Maret 2009 pukul 07.04  

La in syakartum la adzidannakum. Wa la in kafartum, inna adzaabi lasyadiid. (QS.14:7)

Posting Komentar

POSTING TERBARU

KOMENTAR TERBARU

  © Free Blogger Templates Blogger Theme by Ourblogtemplates.com 2008

Back to TOP