Kamis, Maret 05, 2009

Ngangres...


Ngenes, ngangres ningalina. Ari jadi jalma leutik sok jadi tandon keur disalahkeun. Padahal can tangtu boga kasalahan tapi beak ditandasa ku para oknum. Aparat nu ngawengku kalungguhan sok rea nu oper-ekting. Ngarasa ieu aing mibanda kawasa. Padahal kalungguhan di dunya ngan ukur sajorelat, moal lila. Moal dibawa paeh. Tur deui bakal ditanya tanggungjawabna di alam pamustungan.
Beja nu disiarkeun dina tipi, meh unggal poe mintonkeun kadoliman. Leuh kacida telengesna eta oknum aparat, coba we tingali jelema teu tuah teu dosa hantem digebugan ku popongkol. Ditajong igana make sapatu lars. Ditonjokan beungeutna, diborogod, dijambak terus disered nepi ka tikusruk baloboran getih. Padahal geus teu walakaya, tapi hayoh we pada ngarempugan. Lain ku saurang kituna teh. Nu hiji nyekelan, nu lianna but-bet nalipakan. Nepi ngajehjer eta jelema teh, teuing tuluy maot atanapi henteu. Geus kitu mah ditinggal lunta ku nu make seragam teh. Telenges, enya telenges alahbatan sato.
Sedih, manehna dikota geus suwung dulur suda baraya. Ayeuna imah paburantak dibuldoser nepi rata jeung taneuh. Anakna tingkoceak, pamajikan jejerewetan melongkeun rubuhna imah nu salila ieu jadi panyalindungan.Ret deui ka salakina, awakna pasiksak, boro-boro cengkat, beunta oge geus teu kuat. Sirah bancunur. Rarayna bengep. Dadana burandas, meureun igana oge potong boa. Diharudum ku kabingung, rek kamana nyalindung peuting ieu? Kumaha rek napakahan anak pamajikan ku kaayaan kitu? Boro keur nu lian da manehna oge sakarat teu walakaya, muriang balas ditandasa.
Padahal mah rahayat nu digunasika teh ukur ngabelaan hak imahna nu geus mangtaun-taun dicicingan. Ti buyut nepi ka anak cicit tibaheulana oge nganjrek didinya. Jelema leutik ngan ukur bisa ngajerit, da teu walakaya hayang ngalawan oge. Kunaon sakapeung manusa teh teu boga ras-rasan. Teu ngarampa diri. Kumaha rasana lamun nu dipergasa teh dirina, atawa kulawargana, atawa indung bapana, atawa dulurna. Masih tega? geus leungit rasa kamanusaan? Naha teu mikir yen kalakuanana bakal ninggalkeun rasa ceuceub ti batur? Ulah disalahkeun lamun rahayat teu simpati ka nu nyangking kakawasaan.
Alloh swt oge meureun moal rido ningali mahluk ciptaanana dikaniaya ku cara samodel kitu. Alloh maha welas, teu nibankeun siksa ka jelema nu can pasti kasalahanana. Alloh maha asih, sanajan dosana ngagunung oge pasti dihampura lamun manehna tobat mah. Tapi manusa mah geuning gampang kalajur napsu. komo mun keur nyekel kalungguhan sok poho kana wiwitan. Masih bisa suka seuri dina luhureun katalangsaan sasama.
Bener kuring mah cua pisan ningali oknum aparat poporongos. Potangtang-potengteng pikaijideun. Padahal manehna teh ngadahar gajih tina kesang badagna rahayat. Rahayat nu geus milu ngahirupan diri jeung kulawargana. Tapi kitu geuning balesanana. Teu uyahan.
(Ti : Urang Lembur ki Daus'89)

3 komentar:

Anonim,  7 Maret 2009 pukul 11.27  

Hukum Rimba juga berlaku di Metropolitan. Raja Rimba adalah Raja Metropolitan. Wujud kehidupan hari ini adalah Sosial Piramid, maka setiap hari adalah perlombaan menuju TOP piramidal. Bisakah sampai di TOP piramidal tanpa menginjak piramidal di bawahnya ?
Mani sae bahasa sundana, rumaos abdi mah sunda durhaka...

Anonim,  7 Maret 2009 pukul 21.20  

kumaha upami ngawitan ti ayeuna urang nyarios ku basa sunda ?...paur henteu basa sunda diramalkeun ku para ahli basa yen basa sunda kalebet salah sahiji basa daerah nu bakal punah ?...aduuh..tong sampe nya..

Posting Komentar

POSTING TERBARU

KOMENTAR TERBARU

  © Free Blogger Templates Blogger Theme by Ourblogtemplates.com 2008

Back to TOP