Senin, April 20, 2009

Ngaca...


"…Hareupeun kaca ngajanteng salila-lila, roman alum gurat duka atra narémbongan. Hareupeun kaca sagala nu karandapan, lalakon katukang-tukang nungtut narémbongan. Reueuk rumeuk dina eunteung, semu keueung semu nineung. Jiwa awaking nyarita jiga nu nganaha-naha, duh ieung geuning jiga nu nganaha-naha. Béjakeun deudeuh, bejakeun rumasa geus katalimbeng…"
Kawih diluhur kenging iasana Mang Koko, seniman luhung teureuh tatar Sunda. Syairna pinuh siloka keur pangeling-eling.
Hareupeun kaca, hariring nu ngajak muhasabah nimbang umur nu terus cueut kahareup. Sanajan tembang lawas tapi puguh matak lelenyapan mun dilenyepan. Kuring nyobaan ngajanteng hareupeun kaca. Naha ieu diri kuring nu sabenerna? Lamun lain, saha atuh nu aya dihareupeun kaca? Ret ka luhur, buuk geus pinuh ku huis, kulit geus mimiti karijut nembongkeun gurat-guratna. Panon teu bengras cara baheula. Huntu geus pada ninggalkeun gugusi, sawareh nungtutan barolong bari jeung nyanyautan. Tanaga oge tambah suda karasa..
Memang sagala panyakit cenah aya ubarna, iwal ti hiji nyaeta panyakit " KOLOT..". Unggal detik, panyakit kolot bakal nambahan kalawan taya nu wasa nyegahna. Hartina sarua wae umur teh unggal detik baris ngurangan. Matak kuring mah hayang seuri, lamun aya jelema nu ngado’akeun panjang umur. Sabab pan umur mah moal bisa dipanjangkeun boh kitu deui dipondokeun. Da cenah geus puguh bilanganana. Lamun nepi kana titis tulisna mah hamo bisa aya nu ngahindar tina perlaya. Tetela nyinghareupan panyakit kolot mah lain ku obat, tapi kudu ku tobat.
Eunteung kaca eta geus nyampak didinya tibaheula. Tapi naha tara dipirosea. Saha nu nyangka diri geus rea parobahan bari teu kanyahoan. Atra dina kaca, Pangeran nu murbeng alam mere totonden ka jelema ku cara mundutan kanikmatan. Aya nu make cara kiridit, aya oge nu kontan. Pikeun manusa nu bisa mikir, kaca teh nyarita, eces bebeja ka juraganana. Kaca oge jadi ibroh tur palajaran nu kacida gedena. Kuring nanya ka diri sorangan. Geus nepi kamana urang leumpang. Sabaraha kahadean nu dipigawe poe ieu? Naha masih tumetep dina garis karidhoan mantenna?
Di hareupeun kaca, rumasa kuring ngan ukur jadi wayang. Nu sawaktu-waktu kudu asup kotak, nutup lawang sigotaka. Mawa carita pikeun manggung di tempat sejenna…

Ti Rukun Sadulur (Kidaus'89)

0 komentar:

Posting Komentar

POSTING TERBARU

KOMENTAR TERBARU

  © Free Blogger Templates Blogger Theme by Ourblogtemplates.com 2008

Back to TOP